Katangtuan Pasanggiri Nulis Artikel Wiki Sabanda Riksa Budaya Sunda 2018



Katangtuan Umum
1.      Pamilon bisa pamaké heubeul wikipédia, pamaké anyar wikipédia, jeung nu can boga akun wikipédia (Umum).
2.      Pamilon téh nu can kungsi jadi pinunjul dina Pasanggiri Wikipédia Basa Sunda saméméhna.
3.      Sakabéh pamilon atawa nu minat bisa miluan pelatihan anu dilaksanakeun luyu jeung jadwal dina lampiran.
4.      Pendaftaran jeung lumangsungna pasanggiri ti ping 10 Januari 2018 nepi ka 10 Pébruari 2018.
5.      Diaku pamilon lamun daptar heula ka panata calagara Wiki Sabanda Riksa Budaya Sunda 2018 ku cara:
1.      SMS: WikiSabanda_Ngaran_Ngaran Akun Wikipedia kirim ka 089684831757 (Sofi Fuadah).
2.      Daptar dina laman su.wikipedia.org, klik tutumbu miluan daptar.
6.      Pamilon nu ilubiung dina ieu pasanggiri teu diperedih waragad (Haratis).
7.      Panitia bisa ilubiung dina pasanggiri


Katangtuan Husus
1.      Dina ieu pasanggiri artikel nu ditulis nyaéta artikel nu saluyu jeung katangtuan wikipedia.
2.      Téma Artikel: Budaya, Sasatoan, Tutuwuhan, jeung Kaséhatan.
a.       Ambahan artikel umum (lain Kasundaan wungkul).
b.      Budaya: réligi, teknologi,  pakasaban, arsitéktur, stuktur sosial, kesenian, sistem pangaweruh, jeung basa.
c.       Sasatoan: rupa-rupa sasatoan, hal-hal nu patali jeung sasatoan.
d.      Tutuwuhan: rupa-rupa tutuwuhan, hal-hal nu patali jeung tutuwuhan
e.       Kaséhatan: istilah kaséhatan, alat kaséhatan, panyakit, jeung obat tradisional.
3.      Saurang pamilon kudu nulis 10 artikel sampurna. (Opat tema diperedih aya sadaya, upamana tina 10 teh ; 2 sasatoan, 2 tutuwuhan, 3 budaya, jeung 3 kasehatan.)
4.      Pamilon kudu nyayagakeun 7 artikel anu rék dipeunteun ku panata calagara jeung 3 artikel panghadéna anu baris dipeunteun ku girang pangajén.
5.      Artikel sampurna téh kieu katangtuanana.
a.       Artikel nu dijieun maké basa Sunda nu mernah nurutkeun kaédah tata basa.
b.      Artikel nu dijieun can aya dina wikipédia basa Sunda.
c.       Artikel kudu ngandung saeutikna 2.500 kecap  kalawan ditambahan rujukan dina unggal tungtung kalimahna. (Sanes 2500 kecap dina word, nanging etangan wikipedia anu sami sareng 2500 bytes/kirang langkung 3 kaca word. )
d.      Artikel kudu dibagi saeutikna jadi 4 subbab. (Upamana judul artikelna Jeruk Nipis, subbabna ngaran latinna, ciri-cirina, mangpaatna, cara melakna, jrrd.)
e.       Sumber rujukan tina internét jeung buku anu dipaké sakurang-kurangna 10 sumber anu béda sarta bisa dipercaya. (Dipahing tina blog.)
f.       Nambahkeun sakurang-kurangna 3 gambar, wikifikasi, interwiki, jeung katégori wiki.
Hadiah
1.      Pinunjul nu dilélér hadiah kalawan rincian kieu.
a.      Pinunjul Kahiji             : Sertifikat jeung Laptop
b.      Pinunjul Kadua            : Sertifikat jeung Notebook
c.      Pinunjul Harapan Hiji : Sertifikat, Kamus Sunda, jeung Buku
d.      Pinunjul Harapan Dua : Sertifikat jeung Buku-buku Sunda
2.      Sakabéh pamilon bakal meunang sértifikat éléktronik.
3. Unggal artikel nu dijieun ku pamilon sarta geus dikirimkeun ka pakakas juri, bakal dipeunteun ku juri jeung panitia



JADWAL PELATIHAN WIKI SABANDA
RIKSA BUDAYA SUNDA 2018

RINTAKAN
HARI/TANGGAL/TAUN
WAKTU
TEMPAT
1
Kemis, 18 Januari 2018
09.00 – 14.00
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
2
Juma’ah, 19 Januari 2018
09.00 – 11.00 (I)
13.00 – 15.00 (II)
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
3
Kemis, 25 Januari 2018
09.00 – 14.00
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
4
Juma’ah, 26 Januari 2018
09.00 – 11.00 (I)
13.00 – 15.00 (II)
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
5
Kemis, 01 Pébruari 2018
09.00 – 14.00
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
6
Juma’ah, 02 Pébruari 2018
09.00 – 11.00 (I)
13.00 – 15.00 (II)
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung

1.   Pamilon nu rék miluan pelatihan tiasa daftar ka Panata Calagara.
      Daptar Pelatihan_Ngaran_Nomer Rintakan
      089525950621(WA)
2. Salila lumangsungna pelatihan panata calagara nyayagakeun konsumsi jeung konéksi internét.
 




Komentar